PUPUJIAN DI MASJID
Ari tolab kudu akur rejeng batur | Silih tanya ulah sok paluhur-luhur | |
Eling eling kasakabeh nu neangan | kana elmu poma ulah rek ngurangan | |
Kudu remen urang dina waktu ngaji | samemehna urang kadatangan pasti | |
Ulah ngenah-ngenah cicing keur didunya | kapan urang bakal balik teu sulaya | |
Ari jalan balik eta tangtu pisan | berang peting sore isuk ceuk aturan | |
Tingali conto nu ennges tiharela | jadi tulad awak urang moal salah | |
Lamun urang mang-mangkana jalan pati | mohal salah diri maneh kupur pasti | |
Ari ngaran kupur eta teu sulaya | kanyataan di akherat moal bagja | |
Bumi padung malaikat sakabehna | ngaweweleh bongan maneh didunyana | |
Cara sato hewan nu teuaya akal | wungkul ngalakonan nafsu rejeung dzajal | |
Ayena karaman kumaneh sorangan | eweuh berang euh peting sasambatan | |
Ngagurung ka maneh siksaan pangeran | oray kala bangsakabeh nyareureudan | |
Saur padung maneh naha | maneh naha waktu ibadah didunya lalawora | |
Kamistian maneh teh ulah campoleh | kudu warid berang peting bekeul paeh | |
Karasana ngagojod maneh sorangan | siksa kami teu bisa nulungan | |
Keur didunya bongan maneh | bongan maneh jalan ibadah ka allah sok campoleh | |
Teu katulah sakabeh ibadah kami | balik dunya ku maneh dipusti pusti | |
Saur bumi bongan maneh | pupuasan ngaler ngidul ngulon ngetan bubunghan | |
Suka seuri hasud dengki perucapan | ujub ria hante inget ka pangeran | |
Kumaneh ayena sakabeh karasa jawab | maneh taya tangan pangawasa | |
Yarobana wagpirlana dunubana | painaka gopiru dambiw warhana | |
Gusti muga ngahampura kasadaya | kana dosa gede letik sakabehna | |
Ieu kitab ngaran tagpirotul alam | teges na pepeling ka jalma nu awan | |
Hartina nubodo bangsa abdi pisan | nu ibadah lalawora kapangeran | |
Engges nukil jisim kuring dinten rebo | adres kuring urang kampung rawabogo | |
Mun teu lepat dina sasihna teh sapar | dina kaipng dua lima hante samar |
No comments:
Post a Comment